Saturday 18 December 2010

Sariak Layung



Sariak layung ti gunung..
Iber pasini patepung lawung..
Teuteup jauh ngawangwang nu kapigandrung..
Eh.. ngawangwang nu kapigandrung..

Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nukapitineung
Eh… rongheap nukapitineung..

Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh samar samar
Hariring asihna.. kapireng ngalayan

Angin tiis di mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...