Tuesday 21 December 2010

kATIPENG


 Karya :Abah Kabayan

Katipu ku jang Wawan!!...Abah téh kamari di béré asin jamalroti nu geus bilatungan maklum abah mah da teu apal asin jamalroti téh nu kumaha....

Jang Wawan: “Bah, ieu mah asil jamalroti asli ti Pangandaran...

Abah:”naha surjang asin jamalroti téh aya bilatungan jeung bau deuih??”

Jang Wawan: “Da asin asli mah kitu Bah..ke gé mun tos di tuangmah moal kaambeu!!

Abah:”Oh..kitu surjang..da Abah mah kakara apal asin jamalroti téh nu model kieu!!

Jang Wawan: “Sok we Bah ..jang Abah sadayana..abdi mah seueur keneh di bumi!” bari ngaléos...

Abah:”Kéla...kéla....ari ngurusna kumaha??

Jang Wawan: “Langsung tuang weh bah..langkung énak sareng sangu poé

Abah:”Oh kitu...nuhun atuh jang..cing diwales kunu leuwih gedé nya!” maksudmah ngado’akeun!

Jang Wawan:”Amiiien....!” bari léos ka luar

Kabeneran di imah téh loba kénéh sangu poé... jeung beuteung kabeneran keur lapar......nya Abah téh nyokot piring ...”ceduk!” sangu poé aya sapiring mentung-na....

Terus wéh nyokot asin jamalroti bilatungan...ceuk na pikir...”Wah geus pasti nikmat yeuh...komo ieu mah asin asli ti pangandaran!!

Na......ari “celebek”....teu kuat Abah téh ku bauna..jeung ngurey...ceunah moal ka ambeu..tapi ieu kaambeuna leuwih-leuwih tinu di ambeu....

Borolo” ongkék sakabéh eusi peujit kaluar..... tiharita abah teu inget deui...da nyaho-nyaho hudang téh geus di Imanoel....

Nepi ka ayeuna Abah tara nanya ka Jang Wawan..jeung mun ningali beungeutna asa ningali asin jamalroti nu bilatungan.... matak mun pangih sok ngurey...malah sok ongkék sakapeng mah.....

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...