Friday 24 December 2010

Pagede gede wadul

“ Heureuy Bandung “
( Didongengkeun ku Ki Sunda Sawawa )



Kacaritakeun, aya 4 urang tukang nguseup keur ngariung, bari pagede gede ngawadul :

Ceuk tukang nguseup 1 :
Kuring mah, kusabab eupanna alus, karek clom oge dialungkeun, jol kurunyud we disangut.
Ceuk tukang nguseup ka 2 :
Ah.. atuh alus keneh eupan anu kuring, karek dipintel pintel oge, eta lauk teh geus ratok , bari ngaromong “ enggal kang geura anclomkeun, kuring geus teu kuat yeuh hayang geura nyanggut..!! “

Ceuk tukang nguseup ka 3 :
Ah.. atuh eta oge, masih keneh goreng, nu kuring mah, karek nyieun eupan oge, lauk teh pating arajleng ka darat bari ngaromong : “ kang… wios ku kuring di sangut ayeuna, geus aral yeuh hayang geura nyanggut..!!

Ceuk tukang nguseup ka 4 :
Ah… kabeh oge goreng tah eupan teh, nu kuring mah, lamun poe minggu rek ngusep, tah malem mingguna teh, si lauk geus daratang ka imah bari ngaromong : “ kang ari enjing cios rek nguseup teh..?? omat ulah teu sumping, kuring geus teu kuat..!!
Tukang nguseup anu tiluan pating rareret bari ngaromong : “ ah .. teu sangka, geuningan gede pisan tah wadulna teh.. ( bari pating carakakak nepi ka seeleun )

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...