Thursday 23 December 2010

Tambih ngalamun

( Hasil coretan Ki Sunda Sawawa )

Duh nyai pupunden ati..pupunden siang jeung wengi.
Pamugi serat ka tampi..ku manah nyai anu suci..
Lajeng ilo dina ati..malar sing enggal kajudi..
Mun kajudi enggal warti..ku seratan lima jari..

Akang mah bade blak blakan, ka nyai wantun nyeratan
Wireh rek neundeun harepan, pamugi janten catetan
Nyai sing kersa ngemutan, malar kersa nyubadanan
Akang mah kersa nungguan, tug dugi ka ahir jaman..

Sakapeung ngarasa era, ka nyai hayang miboga
Sasat jalma tuna harta, dibarung ku awon rupa
Komo mun noong elmuna, sasat tuna pangabisa

Tapi nayi sawangsulna, alus rupa hade wanda
Lain babad lain pacing, meureun pibasaeunnana

Mun nyai eukeur sakola, akang ngalantung nyalira
Di kamar bari nyangsaya, ngemutan anu teu aya
Sok inggis meunang gogoda, anu mawa pancabaya

Cag serat nu salajengna, mung dugi ka dieu heula
Teu hilap pas poto tea, rencang kulem sementara
Marangga ka sadayana, wilujeng salalamina

Mihape sisir jeung minyak, kade ka ancloman leungeun
Mihape pikir jeung niat, kade ka angsonan deungeun.
Cag...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...