Friday 24 December 2010

Anu Panghideungna

“ Heureuy Bandung “
( Didongengkeun ku Ki Sunda Sawawa )

Aya barudak keur ngariung..bari keur marebutkeun anu panghideungna.

Ceuk budak ka 1 :
Bapa kuring mah, bakat ku hideung, basa raheut, getihna oge kaluarna teh mani hideung..
Ceuk budak ka 2 :
Ah… hideung keneh bapa kuring, eta we waktu ka kadek sukuna, katingali daging jeung tulangna teh kabeh oge hideung..
Ceuk budak ka 3 :
Ah...... atuh eta mah, cetek keneh, bapa kuring mah bakat ku hideung hideungna, waktu keur ngabaheuhay di tengah imah, tuluy hitut…na atuh.. di tengah imah teh jadi poek mongkleng buta rajin, sabab pinuh ku hitutna bapa kuring…
Eta budak ka 1 jeung ka 2 sareuri mania akey akeyan, bari barijil balon tina liang irungna bakat ku seeleun, malahan mah make jeung aya nu medut sagala rupa, meureun bakat ku teu kuat nahan piseurieun..
Geus kitu celengkeun salah saurang budak aya nu ngomong : “ na euy ngawadul teh mani dibeakeun ku sorangan “.. cing atuh bagi bagi jeung kuring..!!
Cag…

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...