Saturday 18 December 2010

NYIRAM (Ngidam)

Karya: Kidulacis

teuing kumaha ari rarasa-an nu nyiram.. Geuning béjana mah sok rupa2 kahayangna.....Leuheung ari nu biasa bari gampang nyiarna, kayaning dahareun..Da ieu mah teu saeutik kahayangna teh nu matak éra..Cara bi ijot nyiram bet hayang ngalamotan irung tukang cingcaw..

...Malah aya carita...

Nyi acah keur nyiram, teuing pangaruh orok nukeur dikandung, teuing pangaruh nanahaon, bet keukeuh cenah hayang ngasa-an pais boboga-an salakina...Estu teu beunang di upah-apéh, teu beunang dibébénjokeun,Lamun nepika teu laksana, nyi acah n...gancam rek bunuh diri..

Mang kemed nujadi salakina, kacida bingung pisan... Digugu kumaha, teu digugu kumaha, nya keur nenangkeun nujadi pamajikan, saheulaanan eta paménta disanggupan...Isukan cenah urang asakan..

Isukna mang kemed lunta, bebejanamah rék nitah mais bobogaannana ka bi éméh tukang sayur dipasar, ngarah leuwih ngeunah pajartéh...

Nepi ka pasar kalah hulang huleng, bingung... Da maenya jimat anu ngan hiji-hijina téh rék dikurbankeun..


Barang rét ka tukang lauk hias, mang kemed ningali kuya nu keur dijual.. Jol wéh ide... Kuya nu rada gedé dibeli, diarah beuheung jeung sirahna, tuluy dibikeun ka tukang warung sangu supaya dipangmaiskeun...

Pais geus asak, mang kemed gura-giru balik, kasampak nyi acah geus sayaga andeprak nyanghareupan tobas jeung boboko sangu anu ngabarak..

Embung loba katanya'an, sanggeus mikeun pais ka nyi acah, mang kemed geuwat ngorolos, rek nempo sawah pokna téh...

Gumbira pisan nyi acah nampa pais ti salakina, geuwat diwadahan kana tobas.. Tuluy daun na dibuka..
Bréh téh pais hulu kuya aya kana ampir sajeungkalna, ramiping pinuq ku samara..

Sajongjongan nyi acah ngahuleng bari neuteup geugeut kana pais nu ngajepat...
Ceuk gerentes haténa :
" emh.. Paingan teuing tara salah liang, kajeun keur poék ogé,..da éta geuning boboga-an salaki téh aya mata-an sagala.."

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...