Saturday 18 December 2010

Mojang Bandung



Tuh... saha itu.. Kabaya ungu..
Imut ngagelenyu... estu matak lucu..
Sinjang songket.. moal bosen nu ngareret..
Mojang ayu kulat kelet.. estu matak kapelet..

Duh.. aduh.. aduh.. manis.. dewi rengganis..
Duh.. aduh.. aduh.. gandang... matak kagembang..
Duh.. aduh.. aduh... asri.. kembang malati
Arum lir ganda kastori.. nyambuang satamansari..

Hanjakalna.. naha kuring make tepung..
Naha hate .. jadi kapidangdung..
Matak gering ngalanglayung.. siga nu keuna ku duyung..
Sok asa ratug jajantung.. mojang ayu urang bandung...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...