Tuesday 28 December 2010

NYI ONAH

Dongeng Aki Dulacis

Lima taun geus kaliwat, tisaprak bobogaan dipacok hayam,.. Rumah tangga KÉMÉD jeung NYI ONAH nu jadì pamajikannana beuki kurang harmonis, komo urusan ranjang,.. ceuk nyi onah mah, ampir geus salapan bulan teu kungsi ka ancloman pisan.

Katambah nyi onah manggih surat cinta teuing tisaha keur salakina, atuh beuki ngagedur amarah nyi onah téh, antukna manéhna ménta pisah...

Tisaprak jadi randa, nyi onah jadi tampil béda, ayeuna mah sok maké rok mini jeung kaos yukénsi, majar téh méh téréh payu, ulah nepika kapiheulaan ngarumah tangga ku KÉMÉD nu jadi popotongannana..

Loba éta ogé nu hayangeun ka Nyi Onah téh....da memang geulis jeung seksi.
Tapi ku Nyi Onah euweuh nu ditarima, lantaran Nyi Onah mah keukeuh ngincer SARIMIN tukang ragaji anu umurna 5 taun leuwih ngora batan manehna.

Ngan hanjakal, SARIMIN anu kakarék 22 taun téh siga nu teu boga rasa ka nyi onah, mun dideukeutan gé kalah sok pupurungkutan..

Malah hiji peuting mah SARIMIN kungsi disedekkeun ku nyi onah kanu poék, tapi sakitu geus dibelél-belélkeun ogé, angger wé SARIMIN mah NOT RESPONDING...

Sanajan SARIMIN di issukeun kabogoh neng LIA anak haji sukri,... tetep wé nyi onah mah teu putus asa, majar téh wani bersaing,.. da cinta mah moal terhalang usia,.. maenya cenah aya ucing teu resepeun kana lauk asin, can aya respon téh pédah wé rada budak kénéh cenah,.. can apal kana rasana guha karamat...
---------

Geus dua taun nyi onah rarandaan..
Malem agustusan dibalé desa aya acara hiburan layar tanceb..
Nyi onah dangdan sataker tanaga, wedak kandel, disidow, lipstik meni beureum.. Kaos yukénsi merecet jeung rok mini pungsat pisan masih jadi andelannana....Ampir satiap lalaki anu ningali kabéh neureuy ciduh, kumétap bakatìng kabita hayang ngarampa,.. Malah Aki Surja mah nepika ngelay bari ngurutan dada..."Badaaag budak,..! Badaaag...!" pokna téh...

Di panglalajoanan, nyi onah katatang kotéténg neangan SARIMIN, tapi geus kaditu kadieu bari nananyakeun kababaturannana angger euweuh nu ningalieun... Ceuk pikir nyi Onah, boa-boa SARIMIN téh mojok jeung Néng LIA....

Nyi Onah bet hayang ki-ih..lantaran jauh balik ka imah mah, kuliwed ka pipir balé désa nu rada poék, deukeut rungkun nyi onah morosotkeun calana bari gog nagog......"wérrr...wérrr" sora ki-ih Nyi Onah kawas kolécér helikopter...

Barang rék mangkat, Nyi Onah curinghak ngadéngé sora pujaan haténa anu keur ngobrol haharéwosan disatukangeun rungkun béh ditu...Nyi Onah keketeyepan ngadeukeutan bari ceuli rancung ngadédéngékeun nu keur ngobrol..

"kadieu ih, teu kiat hoyong nge sun.." kadéngé sora SARIMIN mesra pisan...

Héab haté ceu onah ngadadak panas ngentab..haténa norowéco : "mun ka aing sia téh sarimin hayang sun mah, boro-boro biwir nu luhur,... nu handap gé moal teu dibikeun ku aing mah.."

Nyi onah beuki deukeut, celepot... kadéngé nu silih cium...

"hihi...biwir anjeun mah amis."

Nu ngobrol kadéngé deui...nyi onah beuki panas,..

"urang mulang ayeuna yu, geus teu kiat"...

"Ah hoyong lalajo heula.."

Amarah nyi onah ampir teu kawadahan, dirina hayang geura nyaho saha nu geus wani-wani ngarebut SARIMIN ti dirìna...

Nyi onah beuki deukeut... Bréh téh katempo ku manéhna dua jalma diuk pagégéyé pisan bari diukna téh nukangan nyi onah...atuh teu katempo beungeutna mah...

"uih ayeuna wéh yu...meungpeung dibumi teu aya sasaha, tos teu kiat...tuh ieu meni geus nangtung kieu..coba cabak geura" kituna téh bari nyabakkeun leungeun nu gigireun kana palangkakannana.

Nyi Onah anu geus aya tukangeun, teu kuat nahan amarah, selenteng kahareupeun nu duaan, barang bréh... Nyi onah reuwas asa dibéntar guludug,..tuluy tutunjuk ka SARIMIN bari ngarumpuyuk.. :
"geuning méla-an sia sarimin...rumah tangga aing nepika runtag téh....!!!"

SARIMIN jeung KEMED silih pelong.....

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...