Friday 24 December 2010

Katipu atah atah


( Dongeng Ki Sunda Sawawa)

Baheula, basa aki keur resep keneh nguseup, sakapeung mah sok teu inget kana naon naon, tonggoy we cinekul di walungan atawa di balong, bari leuheung lamun sok beubeunangan mah, malahan sakapeung mah mindeng pasea jeung si nini, da kamalinaan teuing..

Harita oge, aki keur cinekul we di walungan, bari cingogo handapeun tangkal waru, bari can meunang sasiki siki acan, teuing teu aya laukan atawa eupanna anu goreng, malah harita mah rada oge aral, sabab ti isuk jedur nepi sore tomper, teu aya anu nyantok-nyantok acan.

Keur jongjon aki nguseup, torojol aya anu nyampeurkeun ka aki, jigana mah anu keur ngarit, da beda we keur ngajingjing arit. Pok manehna teh naya :
Ceuk anu ngarit : " Nuju nguseup ki..??
Aki ngareret bari nembal : " muhun jang, tapi poe ayeuna mah asa naas naas teuing ieu teh, sabab can beubeunangan..!!
Anu ngarit nanya deui : " ngangge naon ki eupanna..??
Aki ngajawab : " ah.. biasa we jang make cacing koot..!!
Ceuk nu ngarit : panginten atuh ki teu kekengengan, da eupanna awon..

Aki dikitukeun teh, rada reuwas, boa boa bener tah caritaan nu keur ngarit teh bener..
tuluy aki malik nanya : na ari eupan anu alus tina naon jang..?? ( semu daria da hayang dibejaan )

Ceuk nu ngarit : ah gampil ki, cekap ku siki salak diparud..!!
Aki beuki teu ngarti, sabab asa kakara ngadenge aya eupan lauk dijieunna tina siki salak, teus aki nanya deui.. " na dikumahakeun jang tah siki salak teh ..??
Anu ngarit ngajawab : siki salak teh di parud, teras dicampur sareng pecin, ngangge kecap we sakedik mah...!!

Aki mani atoh pisan ngadenge kitu teh, malah rek ngarencanakeun, isukan mah rek dicobaan make eupan tina siki salak, sugan we loba beunangna. Ngan aki panasaran, tuluy nanyakeun deui : " atuh jang meureun bangenan pisan nya..?? pasti lah loba anu nyangutna teh..??( bari cul we useup mah, da kataji ku obrolan..

Anu ngarit ngajawab bari ngaleos : nyeta ki teu aya nu nyangut hiji hiji acan....!!!!
Na da barang ngadenge jawaban kitu, aki mani asa kabentar gelap ereng erengan, keur mah nguseup teu beubeunangan, katambah aya anu nipu.... da lamun manehna teu keur mamawa arit mah, piraku teu digabrug tah jelema teh..

Saenggeusna kajadian kitu, aki mah tara nguseup nguseup deui, kapok sieun katipu deui...
Cag..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...