Monday 20 December 2010

Miceun Runtah

 
Karya :  Jajaka Sunda




Miceun runtah tong sambarangan
Akibatna bencana alam
Sadiakeun tong pamiceunan
Anu aman jeung kasehatan

Biasakeun hirup berseka
Di lingkungan dimana mana
Sangkan jauh tina panyakit
Bebas tina bencana alam

Hayu urang pada ngajungjung
Sangkan ulah kalalanjoan
Beleendah nu jadi korban
Tiap waktu sok kabanjiran

Kasakabeh kaum rahayat
Nu di kampung reujeung di kota
Biasakeun budaya sehat
Ra'yat sehat nagara kuat

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...