Monday 20 December 2010

Alat Paragi Ngukur Korupsi di Nagara


 


Anyar anyar ieu, ki sunda geus hasil nyiptakeun hiji alat anu mutakhir keur ngukur tingkatan korupsi di tiap nagara. Manéhna ngahaja nyieun eta alat, sabab dipesenan ku si abah kabayan. 

Éta alat téh kacida pisan akuratna dina ngukur badag jeung leutikna nu korupsi, cukup ningali jarum jam anu aya dina éta alat, bakal katingali sakumaha tingkatan korupsina. Lamun jarum jamna nunjukeun angka 10, ngandung harti éta nagara teh beresih tina korupsi, beuki turun angkana, beuki gedé tingkatan korupsina. 


Éta alat téh mimiti dicoba di Amerika, éta alat téh jarum jam na utek utekan, tuluy cicing dina angka 8. Barang ningali kitu, kang Obama nyengir kuda, bari terus ngomong ka para pajabatna :" Nagara urang téh geuning can beresih tina korupsina, kukituna perlu ditingkatkeun dina merangannana ".
Sanggeus beres di Amerika, éta alat téh dibawa ka Malaysia, barang diukur, éta alat téh jarumna nunjukeun kana angka 6. Sang raja bari ambek ambekan langsung marentahkeun rapat darurat keur nyawalakeun hal mahabuna korupsi di nagarana.

Terus éta alat téh di paké ngukur ka sababaraha nagara, hasila teh ampir sarua model Mlaysia, sarua deuih para pajabatna tihothat ngayakeun cara anu hadé keur merangannana.

Caritana eta alat téh dibawa ka Indonesia, tuluy diukur…..
Na atuh…… !! sarerea oge euweuh anu teu ngagebeg, sabab eta alat téh langsung ngabeledug bitu, jarumna ngajeprét bari hiber kaditu kadieu. Jeung teu kaharti deuih, make aya sora anu sasambat nyebut “ Tobaaaaaaaaaaaaaaaaaattt… Gusti .. abdi teu kiaaaaaaaaatt..!!

Barang kajadian kitu, reaksi ti para pajabat Indonesia, béda pisan jeung para pajabat di nagara luar, kalayan tenang , salah saurang pajabat teh ngomong ka sarerea, pokna teh : “ tenang..tenang.. ulah waka geumpeur, ieu mah diakibatkeun alatna anu teu baleg.. ( bari terus we ngabaraheuhay deui )
Harita aki jeung si abah silih pelong, dina haté masing-masing tanda tanya sagedé telebug, bari teu karasa bareng nyebut : “ woooooooooooooooww… kereeeeeeeeeenn..!!
Cag………hehehe

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...