Monday 20 December 2010

Sieun Pamajikan

 
"Kunaon peuting tadi teu ngaronda..?" cekéng téh ka mang jaju..
"teu di ijinan ku pamajikan.." jawabna...

Kuring mah da jalma cawokah., ngadéngé mang jaju anu ngadagoan ijin tìpamajikan nalika rek migawé hiji kawajiban teh, bet ngabayangkeun kumaha lamun nu model mang jaju sosonoan jeung pamajikannana...

Siganamah rek muka cangcut pamajikan ogé pasti tumada heula : "punteen, punten pisan, ieu akang kumawantun badé morosotkeun lancingan salira.." sigana mah kitu..

Béda jeung nu modél kuring,.. dijijek wé pan kuring mah ku suku morosotkeun cangcut mah...Tara rengkuh pupuntenan sagala..

Teu saeutik lalaki nu modél mang jaju, sanajan alesan jeung kasangtukangna boga sikep kitu téh tangtu rupa-rupa... Ngan anu jelas, sikep anu model kitu téh dina panempo umum mah kurang hadé, kasebut lalaki nu kurang/teu boga wibawa...

Malah lamun nepika ngarobah fungsi jeung kedudukan anu jadi salaki dina tatanan imah tangga, tangtu pasalia tur kacawad numutkeun ajaran agama..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...