Friday 24 December 2010

Mbéé Comél

Dongeng Abah Kabayan

 
Ema..naha sora ujang make “mbééé”? ceuk anak embé tatanya ka indungna

Kudu syukur sujang...untung sora urang teu ngagerem kawas Lodaya deuleun, matak sarieuneun atuh manusa!” ceuk indungna...

Ema...naha kulit ujang pinuh ku bulu?” ceuk anak embé tatanya deui...

Untung sujang lain cucuk gé matak loba nu kacugak atuh!” ceuk indungna némbal

Ema naha awak ujang maké bau?” éta anak embé comél téh tatanya kénéh..

“Syukur Allhamdulillah sujang awak urang bau gé teu sa bau nu maca carita ieu!!!”..ceuk indung embé bari ngaléos...

Horééé....” ceuk anak embé atoh bari ajrag-ajragan...”MBÉÉÉÉÉÉ........”
Cag.....

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...