Wednesday 22 December 2010

SADÉRÉK PRÉÉÉÉT



Nyi Timah geunah ayeunamah menangkeun salaki bandar angkot turunan batak nu wastana Bob Situmurung Marga Hayu...Panggil wéh pondokna si Bob..

Geus katelah urang Batak mah boga watak heuras matak mun boga masalah leutik gé bisa jadi ngagedéan...
Tah...dina hiji waktu Nyi Timah karék balik ti bioskop jeung salakina naek motor bébék ...

Dihareupeun aya Jang Émon jeung Jang Tohir nu keur gigitaran bari hahaleuangan ngalagukeun lagu jaman baréto ngan dilonyéngkeun ditungtungan make sora hitut “Préééét!

Model kieu “begini nasib jadi bujangan “Préééét!””

Palebah sora "Préééét!"-na kadéngéeun ku Nyi Timah nu tibaheula kénéh geus ngéwa ka budak duaan éta da sok otél mun Nyi Timah ngaliwat..

Bang..Bang...tuh lihat anak-anak bilang "Préééét!" Ke Abang!!” ceuk Nyi Timah ngadu kanu jadi salaki..

Zialan tuw Kutu Kupret..Bbelum tahu ziapa aku rupanya!!”ceuk si Bob bari engos-engosan da nahan nafsu...

Kacaritakeun..datang wéh si Bob ka barudak nu sidik keur ngariung gigitaran..”Bah!!!..ziapa taddi yang Bbilang aku "Préééét!"...ngaku!!!” bari sesentak

Siapa yang bilang "Préééét!" Bang?..kita nggak pernah bilang "Préééét!" Ke Abang” ceuk Jang Tohir ngabéla manéh

Aahhh..zudah..ngaku saja kau kalau tidak..aku kazih kau pelajaran!!

Kusabab eta kasus "Préééét!" Teu bisa dibéreskeun ditempat nya sakadang "Préééét!" Ayeuna geus aya di imah RT

Kumaha mimitina?” ceuk Pak RT series..

Enya Pak..abdi teh dituduh nyebat "Préééét!" Ka si Abang..padahal da abdimah teu rumaos Pak!” ceuk Jang Émon sasadu

Bah!!..Bohong kau..aku déngar zéndiri kau bilang "Préééét!" Zéngaja kau!

Heunteu Bang abdimah..heunteu” ceuk jang Tohir keukeuh...

Kusabab pa keukeuh-keukeuh jeung teu manggih jalan kaluar..nya kasus "Préééét!" Téh ayeuna geus aya di ruangan RW..

Ngaku lah Jang Tohir..anjeun nyebut "Préééét!" Ka Bang Bob.. Méh teu panjang carita!!” ceuk Pak RW ngolo..

Moal abdi mah moal ka olo..da abdi mah teu rumaos nyarios "Préééét"! Heunteeeeuu!!”ceuk Jang Tohir bari ciramayan..da puguh teu rumasa tea

Sarua kénéh..di kantor RW kasus "Préééét!" Teu béres kénéh ...kitu deui di Bale Desa...

Kusabab kasus "Préééét!" Teu bisa dibéréskeun sacara kakulawargaan..nya Si Bob téh ngalaporkeun sacara hukum...nepi ka kasus "Préééét!" Téh ayeuna aya di pangadilan.....

Saudara Tohir dan Saudara émod..betulkah Anda berdua telah menghina saurdara Bob Situmurung Marga Hayu dengan sebutan "Préééét!"!” ceuk Pa Hakim..sorana agem matak nyurucud tuur...

Tidak..paK..Tidaaaaaaak abdi teu bilang "Préééét!"” ceuk Si Tohir segruk..segruk ceurik da leungeuna di borogol...

Begini Pak Sebetulnya!.. saya téh sedang main gitar cuman sambil heureuy kitu.. make "Préééét!"!” ceuk si Émod jujur.

Bah...Bohong Pak! Méréka Bohong... Méréka Zéngaja bilang "Préééét!" képada saya! Méréka Zéngaja "Préééét!"” Ceuk si Bob peupeulekeuk ..

éta pangadilan téh mun kadéngé hawar-hawar tikajauhan estuning sora
"Préééét!" "Préééét!" "Préééét!" nu kadéngé téh...

Antukna kusabab euweuh bukti nya sidang ditutup.....Ngan karék gé rék turun ti majilis na ari "Préééééééééééét!" Eta si Bob Hitut..da puguh geus tilu poé teu manggih sangu kusabab mikiran kasus "Préééét!" jigana meureun asup angin...

Étama kabéh para hadirin nu aya dina persidangan teu sidikna marelong kabéh ka si Bob Situmurung Marga Hayu.

Ceuk Polisi”Allhamdulillah geuning ayeunamah sadérék "Préééét" parantos katohian kumargi kitu...TEWAAAAAAK!

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...