Sunday, 23 October 2011

Kudu Kasaha - Ki Sunda Sawawa

Hatur nuhun ka Wargi wargi nu parantos rurumpaheun silaturahmi ka ieu Blog.
Etang etang dogdog pangrewongna, bok bilih bade ngadangukeun laguna Ki Sunda Sawawa dina langgam Kacapi Sunda, dina judul lagu " KUDU KASAHA- ARGAPURI "
Wilujeng ngadangukeun,,,,,

Friday, 21 October 2011


P angartosan tina " Pugers Pasundan " téh,

U rang mengger kawitna nu gaduh gagasan ngadegkeunnana ieu Forum

G eusan riung mungpulung dina raraga ngaraketkeun duduluran

É ta oge kawitna mah ngan ukur heuheureuyan

R as ku rasa kasono sangkan tiasa panggih saban wanci,,

S anajan ngan ukur tepung tulisannana wungkul,,

P as dina nangtukeun pingaraneun ieu grup,,

A aya idé sangkan ngaranna nyingket tina ngaran lembur

S ah wé dinamian " PUGERS " singkatan tina " Putra Mengger "

U unik,, cantik,,menarik,, kitu meureun ceuk basa kerénna mah,,

N ajan asalna mah ieu forum teh hésé rek ningkatna da tertutup keur umum

D euih nu ngeusiannana ngan ukur diluluguan ku Ki Sunda Sawawa saparakanca

A yeuna mah alhamdulillah jadi salah sahiji pamungpungan urang Sunda,

N u nyambuang nyeungitan Buana


Ku : Mochin'z Nuryakin di Forrum PUGER’s Pasundan

Pasrah Sumeurah

Haté melang nyorangan nyawang ka tukang bray kalangkang, waas kagagas,

nyamper poe isuk di papag balebat ka béngbat, miceun katineung ngajangelek ka keuheul,

Haté hariwang sorangan, teu aya batur teu nyampak dulur, di baturan ku dalingding angin peuting, di pépéndé ku simpé, bisi isuk teu ka samper bisi pagéto teu teu ka waro,

Kedah kamana mawa awak nitip diri.?

Kedah kamana nyieuh ka sieun miceun ka tineung,?

Kedah kasaha nyieup teuteup nyimpay talatah.?

duh Gusti.......

Mung ka anjeun abdi sumerah diri, pasrah sumeurah ......... Kana taqdir diri.



Dicutat Ku : Layung Kemba

Bulan

 
 
 
Sanajan bulan tumunggal
Caangna mah bati nu hégar
Bangun nu teu ngemu tunggara

Sanajan bulan nyorangan
Teu risi ngambah sagara peuting
Nganti béntang nu baris marengan
Nganteur nyorang simpena peuting
Nepi ka balebat nyampeur
Nyinglarkeun kahieum ati



Di cutat ku : Kusnadi Grt di Forrum PUGER’s Pasundan

Perang Diponegoro II - Heureuy urang Forum

Guru : Cing jang Asép.. ari perang Diponegoro téh dimana..??
Asép : Éta bu di halaman 24 buku IPS kelas 2 SMA.. ( bari teu kireum kireum )

Guru : Aéééééééépppp... matak kudu daék ngapalkeueueueueueun siah ... kahareup .. !!!!! .. tuh bareng jeung kai Ikbal, da sarua odobna...

Asép : Nuhun bu.. aduh mani bageur miwarang abdi ngadeg dipayun ( bari ngengklak... )



hahahaahh ... dasar..

Ku : Kisunda Sawawa

...TUKANG RONGSOK.....


" Panci butut..... Katel butut..... tiasa dituker ku kulkas dua panto ! " tukang rongsok jojorowokan ngider ngurilingan lembur.

" Maaaaang abdi gaduh salaki butut.. tiasa dituker teu ? ' ceuk Bibie Dayank nyorowok bari nengo tina jandela.


Nyutat tina "keom sakedap"
Di cutat deui ku Sujang Surandi Riweuh di Forrum PUGER’s Pasundan

Friday, 7 October 2011

Sunda

Sunda surup kana tangtung

Sunda sieup ngumbang ka wandana

Sieup ngumbang ka wandana

Ajeg-adegna budi basana

Teu narakeun wawanena

Someah narima semah

Matak betah kanu ngadon bubuara

Tara ebreh pangartina

Teu nembongkeun ka bisana



Di cutat ku Putra Sunda Wibawa di Forrum PUGER’s Pasundan

SISINDIRAN LOLOYORAN

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku hulu kohkol

aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

Lieuk euweuh Ragap Taya
sangsasara cenah ngaranna
Meni Riweuh ku nyi Randa
Loba Pisan Pamentana

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi leugok
anu pitak nyeuri huntu
dialun alun aya nu nyabok

Kujang rompang nu mang Usep
meses seres ti mang Hasan
Sujang nyaan meni kasep persis pisan Ferdi hasan

Gamparan

kamari rundayan katineung rék dipalérkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa

tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar

duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..

" Perang Diponegoro - Heureuy urang Forum "


Guru : cing jang Ikbal.. ari perang Diponegoro iraha..??

Ikbal : sabada Magrib saméméh Isa bu guru..!!

Guru : naha... ?? ( bari kerung )

Ikbal : enya pan 18.25 nepi ka 18.30.. pan éta teh sanés sabada maghrib ibu..??

Guru : Ikbaaaaaaaaaaaaaaaaaaalll.. kahareup siaaaahhh.. disetrap ku ibuuuuuuuu..!!!

héé.. dasar kai Ikbal kalintang pisan bodona.. marukannana enya wé.. gkgkggk



Ku : Kisunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Saturday, 1 October 2011

MALEM MINGGU - Siloka

M angsa urang tepang di mumunggang
A njeun nenggorkeun imut pangirut
L ambey nu dipulas lipstik warna ungu
E stu nambahan sieupna pameunteu
M atak ngeundeurkeun tungtung jajantung

M un pareng wanci teu jalir
I eu hate totojer hayang geura ngadongkang
N ineung.. ku keletna.. nineung ku rindatna
G eugeut jeung deudeuh mimiti minuhan rasa
G ilig dina hate hayang nganjang ka nyi lenjang
U lah ngan ukur jadi kalangkang sawangan


Ku: Jajaka Sunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...