Friday 7 October 2011

SISINDIRAN LOLOYORAN

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku hulu kohkol

aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

Lieuk euweuh Ragap Taya
sangsasara cenah ngaranna
Meni Riweuh ku nyi Randa
Loba Pisan Pamentana

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi leugok
anu pitak nyeuri huntu
dialun alun aya nu nyabok

Kujang rompang nu mang Usep
meses seres ti mang Hasan
Sujang nyaan meni kasep persis pisan Ferdi hasan

3 comments:

  1. Poe salasa tumpak kuda
    kuda paninggalan walanda
    urang mah urang sunda
    atuh pake basa sunda

    ReplyDelete
  2. Samping batik juru tujuh
    Carecet juruna hiji
    Lamun nampik mangka puguh
    Ulah matak pikanyeurieun lalaki

    ReplyDelete
  3. Kunaon citarum kiruh
    Aya soang tigirangna
    Kunaon si Rum makruh
    Teu kasorang kahayangna

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...