Wednesday 28 September 2011

Sasakala Lembur Kuring

Abah Unéd (Alm.) &  Néh Énos (Alm.) salah sahiji pupuhu di lembur Mengger
Sore ieu mah Abah rek mecakan naluntik sasakala ngaran lembur di daérah Abah, benerkeun bisi Abah salah nya!

- Rancatungku

Tina dua kata "ranca" jeung "tungku", ari ranca artina 'rawa', aya ogé nu ngartikeun 'katél gedé' tapi Abah mah leuwih resep ngartikeun ranca téh kana rawa, kusabab ningali daerah Rancatungku téh baheulana loba rawa-rawa kusabab ayana sisieun walungan Cihérang.

Ari "tungku" nya artina tempat masak atawa 'hawu', kusabab ceunah nepi ka ayeuna éta situs "tungku" téh masih aya di daérah Rancatungku. Duka lebah mana tah Abah gé can pernah ningali.

Ceunah...carita nu kungsi ku Abah katarima, daérah Rancatungku teh tempatna para TNI nyumput tina serangan Walanda, atuh tempat ieu ogé nu jadi tempat akomodasi makanan (konsumsi) jang para tentara nu berjuang negakeun nagara Indonesia.

- Baru

Ku ngaranna "Baru" gé urang geus pasti bisa ngarti yén lembur ieu téh masih anyar, kusabab baheulana lembur ieu téh kebon awi, kaciri nepi ka poé ieu daerah Baru loba keneh kebon awi.

- Kalapatilu

Sasakala Kalapatilu, pernah dina hiji waktu di daérah ieu aya kalapa nu cagakna tilu, duka tah saméméh aya kalapa nu cagakna tilu lembur ieu katelahna lembur naon?

- Panawuan

Katelahna "Lembur Keuyeup" kusabab di tempat ieu lolobana tukang ngarala keuyeup, malahan jadi kadaharan sapopoé.

Kusabab daérahna aya di pasisian walungan Cihérang, pernah hiji waktu daérah ieu kena ku banjir bandang ti walungan cihérang, nepi ka warga satempat nawuan cai tijero imahna...Ketelah wéh lembur ieu teh jadi lembur Panawuan nepi ka poé ieu.

- Mengger

Sok aya basa "urang Mengger mah barager tapi lalengger" hehehe!... tah ieu lembur tempat Abah jeung Ki Sunda Sawawa megar.

Baheulana lembur Mengger teh ngan saukur kebon awi di tengah sawah (tegalan). ari arti Mengger nu kataluntik ku Abah hartina galengan sawah... duka tah versi nu lainna.

Da geuningan mengger teh lain saukur di Rancatungku,di Bandung aya tilu Mengger nu geus ngabuana nyaeta:

  1. Mengger Tengah, mengger kulon atawa Mengger Pondok, Desa Rancatungku. nu dijerona aya nu katelah Mengger Pojok kusabab posisina aya di pangjuruan lembur.
  2. Mengger Wetan atawa Mengger Panjang, Desa Rancamulya
  3. Mengger Cigereleng Bandung.
Duka tah diantara tilu mengger eta aya patula-patalina atawa heunteu? tapi nu jelas dimana aya ngaran Mengger tangtu didinya aya sawah!


Update:

Panawuan~oge paranti nawu keur nyaian sawah cigoong kulantaran can aya bendungan ,bari posisi sawah rada luhur.halodo

lembur Panawuan ayeuna mah geus ganti deui ngaranna jadi Sukamandi

ari " Mengger " baheula téh saacan jadi lembur, ieu daerah téh dipager sakurilingna ku anu ngababadak ieu lembur ( cenah mah ngaranna téh " Embah Badak Tunggal " )
nepi ka katelah mengger téh sabab pinuh ku pager..

"Mengger" asal tina "Tetengger" nya eta lembur leutik anu sabudeureuna sawah, mangga tiasa di tinggal di Mengger anu sanes na ...

Numutkeun soko seuweu pupuhu Pasundan anu peta sareng bukuna aya dicepeng Ku Bpk Stepanus, yén Eyang Badak Tunggal teh Hiji Jalmi anu ngawitan muka sarta bubuara di wewengkun Pameungpeuk anu ayeuna janten kec. Pameungpeuk Kab. Bandung. Ari Bandung numutkeun sajarah dina eta buku mah baheulana teh Situ gedé nu kabendung ku gunung-gunung, sanggeus batu Sanghiang Tikoro muka mangka cai éta situ bisa ngocor ka laut. Akhirna éta situ saat. Disebut weh Bandung.

Mengger !! aya dua tina kecap Meng= Mapay galeng hartina loba sawah, jalan ka sawah.ari Ger= pager hirup tina tatangkalan baruntas jeung pecah beling anu dijieun pager ngurilingan lembur. Buktosna kapungkur taun 1975 an jalan di Mengger Rancatungku teh bebelekukan semet tuur munding, jeblog taneuh hideung mun lempang teh. Keur jaman Ki Sunda Sawawa nuju alit sok peperangan sumpit jeung pepedangan.... Tiiiit....teeet !! Breng barudak barijil tina rungkun rungkun pager baruntas bari ditaropi ku daun salak, pan harita jelas seueur pager hirup tina baruntas malihanan manuk peténg sareng ciblek ge seueur nyayang na pager

Ieu sumber asal usul teh ti pun Aki Bah Akub(Alm-kapungkur kantos nyarios ka Akang kitu) samalihanan saur sepuh nu sanésna ieu lembur teh kantos diruat ku endog soang cenah méh anak incu jeung singsaha nu ngaraosan cai mengger betah tara ingkah. Nepi ka jodo jodona jarang nu ingkah, eta ge ukur carita mungkin lain akibat luluhur mengger ngaruat endog soang, jodo mah kumaha nya ach.. sesah nyebatkeunana heurin kulétah da akang gé rumaos....jlek teh ka turunan Épen .
 

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...