Wednesday 28 September 2011

GAJAH


Baheula mah loba kénéh jalma anu can nyaho kumaha dedegan gajah. Ayeuna loba gambarna, baheula mah hésé hayang manggihan gambar gajah teh. Harita aya anu kakara balik ti Kebon Binatang keur ngobrolkeun perkara gajah téa ka babaturanana.

Waduh….éta mah gajah, awakna teh gédé pisan. Geura baé ceulina sagedé hihid. Tulalena sagedé doran pacul. Sukuna sagede sunglon*….” eureun nyaritana teh da kaburu aya anu ngageroan manten. Kabeneran obrolanana kadéngéun ku saurang jalma anu rada ngirung nyaritana anu keur saré di tepas. Terus ku manehna dicaritakeun deui ka baturna, jiga enya baé tas nyaba ti Kebon Binatang.

“Haduh éta gajah….sukuna sagedé sunglon, tulalena sagedé doran, ceulina sagedé hihid,” pokna.

Ari awakna sagedé kumaha?” ceuk babaturanana malik nanya. Tapi kulantaran tadi teu kasebutkeun, pok bae nyarita, “Sagedé sunglon sukuna mah,”

Lain, ieu mah awakna sagedé kumaha?”

Enya sagedé doran pacul tulaléna mah,” tembalna semu éra.

Ari manéh, nu sagede doran pacul mah apan tulaléna. Ieu mah nanya téh sagedé kumaha awakna?,” ceuk babaturana teugeug.

Lantaran dipaksa, pok baé manehna némbalan,”Awakna mah sagede japati….”

Hor maenya…..apan sukuna gé geus sagedé sunglon, maenya awakna sagedé japati?” babaturanana kerung.

Da japatina gé dua,” témbal manéhna embung éléh.

Masing dua ge angger baé leutik. Geura wé tulaléna gé sagedé doran pacul.

Da japatina tilu.”

Angger baé masih leutik japati tilu mah. Apan ceulina ge sagedé hihid?

Da….da….japatina gé saalam dunya,” pokna bari karacam keureuceum éraeun.




Ku Abi Faturachman Hanifah di Forrum PUGER’s Pasundan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...