Tuesday 16 August 2011

Mapag Romadlon

Ku : Kisunda Sawawa

S ugrining lengkah mapaesan sabelas sasih kapengker
A sa cikeneh ngolebat marengan renghapna napas
S apada sapada ngawirahma nganyam amal nu pasolengkrah
I cikibung masieup lalakon kahirupan panjang
H aleuang kamelang teu weleh ngalimpudan rasa nu loba salah
R enghap pangharepan mimiti ngalangkang
O yag ngageterkeun hate nu marudah
M apag sumpingna sasih Romadlon nu agung
A nu pinuh ku kaberkahan
D uh.. Gusti nu Maha Heman.... !!
L oyogkeun hate abdi kana aturan Gusti.. !!
O boran jiwa abdi ku kaasih Gusti..
N garah abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun shaum luyu sareng aturan Gusti..

Amiin..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...