Monday 28 February 2011

GARA-GARA LALAJO MAEN BALL

Si Kabayan keur anteng lalajo maén bal dina TV, ari torojol téh ti kamar Nyi Iteng:
Kang, lampu teras pegat waé....pang gentoskeun atuh kunu anyar?
“Ganti wé ku olangan...emangna aing PLN...!!!” ceuk si Kabayar meni énténg ngajawabna

Nya atos pami alim mah, pang lereskeun kran cai atuh, tuh pamuteranna macét... teras cai ngucur teu tiasa di tutup pami diantep bilih kamar mandi banjir!” ceuk Nyi Iteng
Menerkeun keran??...emangna aing PAM huh...??!!!!” éta Si Kabayan ngajawab deui.

Nya atos pami alim mah...éh..ngké pami mésér rokok ka warung abdi nitip minyak tanah nya?” ceuk Nyi Iteng

Ari manéh teu ningali uing keur lalajo maén bal?? Emangna aing PERTAMINA??” Si kabayan bari kekerot.

Kusabab Si Kabayan téh asa diganggu waé ku pamajikanna, nya manéhna pindah lalajo maén bal-na ka imah tatangga nepi ka balik deui ka imah jam dua subuh.

Tapi Si Kabayan asa héran kusabab lampu téras geus caang, indit ka kamar mandi kran-na geus aya nu menerkeun, indit ka dapur jirigen minyak tanah geus dieusian.

Isuk-isukna, Si Kabayan nanya ka pamajikanna : “Manéh peuting  ménta tulung ka saha?

Pok téh Nyi Iteng “Kieu Kang... wengi téh saatos Akang ngalih nonton maén bal kateun tatanggi..abdi téh nangis di téras, terus aya jajaka kasép ngaliwat... terus manéhna nanya kunaon Nyai bet nangis...nya ku Nyai di caritakeun we saayana...tug dugi ka Akang ambek-ambekan gé ku abdi di caritakeun

Trus...trus...??” SI Kabayan rada panasaran

Nya anjeunna téh nawisan jasa kanggo ngabantos Nyai, tapi aya syaratna...!” ceuk Nyi Iteng nuluykeun carita.

Naon syaratna tah??” Ceuk Si Kabayan bari kerung da beuki panasaran..

Aya dua Kang syarat na téh...ka hiji pang damelkeun roti, ...nu kadua abdi kulem sareng anjeunna!!” ceuk Nyi Iteng.

Tapi nu pasti maneh milih syarat nu kahiji nya..pang nyieunkeun roti??” ceuk Si Kabayan yakin da pamajikanna moal mungkin milih syarat kadua
Ari pok téh Nyi Iteng: “Pang nyieunkeun roti???......Emangna aing HOLLAND BAKERY!!!??...” bari ngasongan péso kana irung Si Kabayan




No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...