Saturday 19 February 2011

Budak manja



Kalakuan si Udin asa kawilang teu sopan, manéhna kacida pisan manjana, pagawéannana téh sok tutah titah kanu séjén.

Saperti dina hiji peuting, manehna gogorowokan ti kamarna nitah bapana nu keur jongjon lalajo TV di teungah imah.

Si udin : Paaa……..., pang nyandakeun cai abdi hoyong eueut..!!
Puguh we atuh bapana teh mani mendelik bari ambek kabina-bina,,

Bapana : Udin.....!! sok siah….. baku geus bijil kabiasaan teu matut teh....ngadon nitah bapa .. !!.. lain molor wae siah, cokot ku sorangan..

Si udin : Atuh Pa, pangnyandakeun cai…., hoyong eueut yeuh, haus !!
( bari tonggoy gogoleran di kamarna )

Bapana : Na ari sia, hayang diképrét ku aing…!! Bener-bener nurus tunjung !!
( bari ngojengkang rek ngepret si udin )

Si Udin : Paaaaaaaa……!!
Bapana : Naon deui siah....!!?? ( bari ngamang ngamang leungeun rek ngéprét )

Si Udin : Upami bapa bade ngéprét ka abdi, punten sakantenan ygandak cai eueut nya…!! ( bari teu kireum kireum )

Bapana : Gusti......... éta mangkeluk... ( bari garo garo teu ateul..)

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...