Tuesday 22 February 2011

BUBUKA


Aki ngahaja nulis conto bubuka keur acara seren sumeren panganten,anu jadi harepan dina nungtun acara teh ulah sagala ngandelkeun kolot, geus meujeuhna para nonoman anu maju ka hareup..

BUBUKA

Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.

Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu ……………………………. Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten sepuhna calon panganten pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut gunung keong reuma sumangga geura lalinggih.

Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir.
Dinten ieu ping ……………………………., mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo kulawargi bapak/ibu ………….. miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh urang oge anu ayeuna sami-sami riung mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun prasetya kawening ati geusan rumojong ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan anu parantos disimpay ti anggalna ku dua kulawargi.

Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti ………………….. ka ………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun pon kitu deui pribumi parantos ngarampeskeun, nanging

supados kahartos naon rupi pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh rombongan calon panganten pameget dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...