Saturday 18 December 2010

Nu Maotna Nu Sok Barang Penta


Poe bieu mah, aki boga lalakon pikaseurieun, basa ngalongok anu maot, sabab aya salah saurang jalma anu ngadongeng pikaseurieun, pajarkeun teh cenah aya mayit anu leungeunna teu bisa disidakepkeun tuluy we namprak, sanajan geus sagala cara ditarekahan, angger we teu bisa. 

Tungtungna salah saurang kulawargana ngadatangkeun hiji kolot ...anu geus ahli dina cara ngurus mayit. Barang datang, eta kolot teh tuluy mariksa kaayaan mayit. Sanggeus rada lila eta kolot teh ngarewos ka salah saurang kulawargana : “ Cik jang.. aki menta duit sarebu..!!.. sanggeus dibere, eta duit sarebu teh ku si aki dikeupeulkeun kana leungeun mayit. Sarerea anu ningalikeun euweuh anu teu kerung, sabab teu ngarti naon maksudna.

Geus rada lila, si aki ngomong deui : “ Cing saha anu boga duit 50.000..??, sarerea ting rareret da teu ngarti rek dikumahakeun.

Caritana salah saurang anu ngalongok mikeun duit ka si aki, bari ngomong : “ yeuh ki.. anu abdi we tamut heula…!!.

Eta duit ku si aki dicokot, tuluy dikeupeulkeun kana leungeun mayit. Na atuh, sarerea oge euweuh anu teu ngarenjag bari bengong, sabab barang dikeupeulan duit 50.000, eta leungeun mayit.. jol gep weh ngeupeul duit, bari langsung sidakep.. Si aki nyerengeh bari ngomong 

: “ emh… dasar manehna mah keur hirupna tukang barang penta, geus maot oge masih keneh apal kana duit gede mah…!! Bari ngaheheh…


Eta anu diinjeuman duit tea, da lebareun meureun, tuluy nyoba nyoba nyokot duit anu dikeupeul ku eta mayit, tapi tibatan beunang mah, kalah ka ngesang nyokotna oge…

Anu boga duit kukulutus bari ngomong.. : “ si bedul teh…!!, aya bahan lapur tah duit teh…!! ( bari ngaleos ) …

Na da tungtungna mah sakur anu ngalongok, anu tadina ngahareruk teh jadi sareuri mani ngehkey, sok sanajan rada di tahan oge, da bisi eraeun kulawargana…

Si aki harita ngomong ka sarerea : " tah ayeuna mah, sok geura bungkusan, mengpeung duitna can lesot...!! " ( bari nyerengeh )
Cag…

1 comment:

  1. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.


    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...