Tuesday 3 January 2012

Mepende Srangenge

Girimisna hujan leutik
marengan ibun bajra nu nyimbutan lembur
lir mepende srangenge nu kaleked nembongkeun sumiratna
sedengkeun awak geus mimiti noroktok kabulusan
cai ngagarajag tina sela sela buuk nu masih keneh kulimis
sesa peuting tadi lalayaran dina sagara kaheman
maturan purnama nu nyaangan lelembutan



Dicutat ku : Ki Sunda Sawawa

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...