Wednesday 28 September 2011

WILUJENG ENJING (Siloka)

W engi tadi anjeun datang dina impian
I mut manis nenggorkeun rasa tibelat
L irihna kembang kaasih janten kanineung
U rang duaan silih pasimpay panangan
J adi hiji katresna nu nyaliara
E ndah tur pinuh rasa mamanis
N gagupaykeun rasa kadeudeuh
G andrungna kacinta ngamuara dina dada

E stu janten rasa nu moal pudar
N ganteng mapaes dina sawangan
J ungjunan salira tos wakca balaka
I raha pasini geusan ngajadi
N yimpaykeun pasini jangji
G alindeng kaheman laksana kabiruyungan



Ku: Bibie Dayank di Forrum PUGER’s Pasundan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...