Thursday 29 September 2011

SISINDIRAN NGAGONJAK

aya anjing warnana beureum
matak moho nénjo nu kabayang
wiluejung énjing kawarga Forrum
salam kasono ka Abah Kabayan

Tikukur wadah karanjang
sirah botak awak begang
haturan néng Bibie Dayank
nu matak jajaka kabandang

Jati téh dauna hiji
ditaur kacida haréséna
sanés abdi badé muji
da kitu saleresna

lalab sampeu dijero panci
dikulub jadi ngahiji
tina balad sarebu hiji
ngan néng Bibi wungkul anu muji..

kararas gedé palapahna
asa lebar disoékeunana
upmi leres kanyataanana
sok mana atuh kulianan Abah Kabayan,

dahar geunah ejeung pejit
cuci mulutna ku wajit
lain abah arék cedit
ieu gé pan arék trit

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...