Hiji poé, di kantin nasi Padang aya mahasiswa Pascasarjana
asal Nigéria keur dahar. Mani ngalimed dahar sangu haneut jeung rendang.
Kusabab lila-lila karasa 'seuhah' manehna teu sabar mesen ci entéh ka si Uda.
''I Need Hot Tea,
please,'' ceuk mahasiswa Nigéria.
Ngiclik wéh si Uda ka dapur. Teu kungsi lila manéhna
nyamperkeun ka mahasiswa Nigéria, tuluy song wéh nyodorkeun roti ka manéhna.
Orang Nigéria colohok bari nahan seuhah. Panon na geus
beureum bergelora.
"I did not order
this !" ceuk Nigérian bari jamedud. Manéhna kawénéhan ku sambel héjo
jeung balado.
Cekéng téh,
''Ci entéh panas, Uda. Sanés Roti,'' ceuk akang, nu basa eta
keur mesen ogé nasi padang.
Ku: Akang Asep Di Forrum PUGER’s
Pasundan
No comments:
Post a Comment
Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas