Wednesday 17 August 2011

Wilujeng Wengi (Siloka)

W anci beurang nu cikeneh marengan
I lang kasilih digjayana peuting
L. alakon kahirupan nu tadi beurang di pilampah
U. kur jadi lalakon lawas nu moal bisa dibalikan deui
J. adi catetan panjang nu moal leungit sanajan sakecap
E. stu natrat dina ukiran sajarah kahirupan
N. u baris nangtukeun bagja jeung cilakana manusa
G uareun di alam nu bakal datang..

W. engi ieu urang sumujud kanu Maha Kawasa
E. cagkeun sagala lalangse hate
N. nu baris jadi ruruhit kahirupan
G. uar deui lalakon kahirupan anyar..
I. suk geto susuganan pinanggih jeung kabagjaan.

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...