Saturday 19 March 2011

Sajak keur bahan pasanggiri siswa SD :

Tutuwuhan
Ku Rachmat M. Sas Karana


Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar..
Ka pelok anu di pelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan..

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti..
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kadenge rumahuhna

Tangkal nu lungse butuh cihujan
Teu kadenge jumeritna..

Daun alam kapanasan
Heteu kadenge ingkahna..

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh

Muragkeun dangdaunan
Pikeun kasuburan..

Ka manusa nu melakna
Mere bubuahan
Geusan nyambung kahirupan..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...