Friday 4 March 2011

DUKUN LIMPEURAN

ku : Abah Kabayan


Dihareupeun imah Dukun:

Mbah tulungan abdi...pang mendakeun dompét abdi nu tadi siang ical!!” pénta si Uha ka dukun nu kakoncara bisa manggihan barang-barang nu geus leungit.

Tungguan nepi ka isuk wéh nya!” témbal si Dukun

Nungguan kumaha Mbah?? Ieu mah teu tiasa ditutunggu Mbah..soalna di lebet dompét téh seueur barang penting model SIM, STNK kartu Kridit, Kartu ATM, ogé aya artosan nu ageungna sajutaan Mbah!!” ceuk Si Uha bari sujud-sujudan sangkan paméntana dilaksanakeun.

Aing moal bisa manggihan dompet ilaing salila konci tempat prakték Aing nu kamari leungit bisa kapanggih, deuleun!” ceuk si Dukun bari sosorongot...

Tétéla geuning..Dukun nu kakoncara bisa manggihan barang leungit téh teu bisa manggihan barang leungit nu sorangan ...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...