Monday 3 January 2011

Taun Anyar 2011

ku Ki Sunda Sawawa 


Dina mapag taun anyar kamari, lamun diitung ku matematika, duka sabara trilyun duit anu dipaké meuli kembang api , tuluy diduruk, bari eusina mah lamun ku aki ditengetan, ampir teu aya mangpaatna, sabab teu aya misi jeung visina. Ngan ukur kabawa ku tradisi jeung gengsi wungkul..

Padahal anu leuwih alus mah, dina tungtung taun téh, dipaké nafakuran atawa ceug kerénna mah " menganalisa dan mengévaluasi diri " geus boga amal naon dina taun kamari keur pibekeleun urang jaga..

da anu kabandungan ku aki, gantina taun téh,asa teu pati aya parobahan, boh skup gedéna bangsa urang, skup leutikna kulawarga, dina nyinghareupan lalakon hirup anu pinuh ku réka perdaya.... emhh.. prihatin pisan..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...