Thursday 23 December 2010

Rek cilaka meunang bagja

( Hasi coretan Ki Sunda Sawawa )

Aki mah lamun inget kana kajadian waktu keur indit ka kota, sakapeung sok seuri sorangan, sabab anu tadina rek manggih kacilakaan teh teu tulus , malah kagantian ku kasenangan anu moal bisa lipur nepi ka iraha oge.

Harita teh aki rek ka kota, geus direncanakeun ti peuting keneh indit teh rek isuk keneh, sabab lamun beurangteuing, biasana beus teh geus padedet ku panumpang. Ngan nya kitu, rencana tinggal rencana, hayang ka kota isuk keneh teh teu tulus da aki nyaringna kabeurangan. Enya we basa aki megat beus, eta beus teh geus padedet ku panumpang, nepi ka aki teu kabagean tempat diuk, atuh kapaksa we nangtung, ngan teu teu pati kukulutus teuing, sabab gigireun aki teh kabeneran awewe geilis jeung ngora keneh, sarua deuih manehna oge nangtung, da bareng megatna oge jeung aki.

Caritana.. keur jongjong aki ngalamun, karasa asa aya anu ngageleser asup kana saku calana hareup aki, jigana mah rek nyopet meureun. Ngan kabenerannana teh aki teu nyimpen duit dina saku eta, da inget eta saku teh molongo. Atuh eta leungeun copet teh jol langsung ngaguriwel we kana budak aki anu keur sare tibra. Eta copet teh reuwaseun, sabab anu kacabak teh lain duit, tapi kawas hileud orok anu keur ngadakom. Barang rek dikejetkeun, ku aki gacang di tungkup eta leungeun copet teh, barang ditingali, sihoreng copetna na teh awewe gigireun aki tea. Barang ku aki diteuteup, eta copet teh kaciri beungeutna nyiak pias jiga anu era, sabab kalakuannana ku aki katohiyan.

Harita aki negor ka eta copet, bari ngomong ..“ beunang siaaaaaaaaaaah…….!! “

Eta copet teh kaciri rumpang reumpeunna, sabab sieuneun ku aki dibetahkeun, pamikirna tara teuing bukbekna pada neunggeulan.. lamun anu sejen apaleun manehna nyopet. Eta copet ,tuluy teterejel hayang ngaleupaskeun leungeunnana anu keur nyabak budak aki anu geus lilir sabab kagareuwahkeun, ngan teu bisa sabab eta leungeun copet teh ku aki pageuh di cerek.

Gancangna carita, aki ngomong ka eta copet. Ceuk aki : “ Pek siah..!!.. mening ku aki dibetahkeun ngarah pada neunggeulan, atawa mending tuluy pangusapankeun sangkan anjeun salamet..!! “. Eta copet ngahuleng bekat tikarep, cigana mah meureun keur mikir kudu kumaha pipetaeun. Ngan teu kungsi lila, bari jejebris, eta leungeun copet teh tuluy ngusapan budak aki anu geus nyaring, malahan mah eta budak teh geus cengkat da meureun reuwaseun. Geus kitu mah aki jongjon weh peureum hayam, bari sakapeung mah sok peupeureudeuyan.. nepi ka tempat tujuan.

Geus nepi mah ka kota, aki jeung eta copet teh, tuluy sasalaman, bari teu poho ngomong : “ nuhun nyi..!! ( bari nyerengeh ) Eta copet ngajawab semu teugeug : “ sawangsulna ki..!! “

Tiharita nepi ka ayeuna, lamun aki sakalieun panggih jeun eta copet sial teh, teu poho sok manggut bari nganuhunkeun kana hasil gawena.

Kabehdieunakeun ku aki kapaluruh, sihoreng geuningan eta awewe teh lain copet asli, tapi manehna kapaksa sabab teu bogaeun duit, da loket jeung duitna aya anu nyopet dijalan…
Emhh.. lamun apal mimitina mah, eta copet teh ku aki bakal diburuhan.. da karunya capeeun.. hehehe
Cag…….

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...