Monday 13 December 2010

Pepeujeuh ti Ki Sunda

Wilujeng tepang kadang warga sadayana... masih keneh carampego..?? kade ah ulah kalalanjoan, bisi telat sholat, da eta mah kawajiban urang nya... !!

Dina ieu kasempetan, jigana pantes lamun aki mere peupeujeuh ka barudak, sabab hidep teh mangrupakeun sirung harepan, anu baris ngalalakon di mangsa datang.

Aya babasan anu unina kieu : " Uncal mah teu ridu ku tanduk ".. anu hartina, ari elmu mah teu beurat mawana.. aki peupeujeuh ka hidep, meungpeung ngarora keneh, meungpeung aya kasempetan, sok tungtut elmu sing nepi katimu, sungsi pangarti.. sing nepi kaharti, siar harta banda.. sing nepi ka ala mangpa'atna,

jeung omat..!! mun hideup geus bisa cumarita ( geus sagala aya ) ulah poho ka purwadaksina. Sing inget, hidep teh teu kaluar tina beulah batu, tangtu aya cukang lantarannana. kade... sakali deui kade.. perhatikeun kolot urang, ulah keuna ku babasan, mun kolot beunghar, anak jadi rajana, tapi lamun anak beunghar, kolot jadi bujangna.. kade.. kade.. ulah jadi jalma durhaka, lamun kitu.. aki ngajamin hidep bakal rugi di dunya, komo meureun di aherat mah.. sok ku aki dido'akeun, sing pait getih pahang tulang, sing jadi jalma anu waluya... Amiin

1 comment:

  1. Sae pisan ki pepeling teh... hatur nuhun katampi pisan, memang leres naon rupi anu disanggemkeun ku aki, masih keneh seueur diantawisna jalmi anu sok hilap kana purwadaksina..
    Mangga ah diantos anu sanesna..

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...