Monday 20 December 2010

HITUT MUNGGARAN



Saeunggeus sabulan kawin, Jang Domo meuli imah kalawan susulumputan, maksudna ngarah pamajikan na reuwas tur atoh lamun hiji waktu dibéjaan geus boga imah.

Neng, urang ameng yu?” Ceuk Jang Domo.

Oh.. badé angkat kamana ak...ang?” Témbal pamajikanna.

Hayu wé lah.. tapi soca neng kedah ditutup nya.. akang hoyong masihan surprais!” Ceuk Jang Domo deui.

Surprais? Surprais naon akang?” Tanya pamajikanna deui.

Ah.. poko namah moal waka diwartosan.. kersa teu di tutupan heula soca na?” Ceuk Jang Domo deui.

Ehm.. oh mangga atuh pami kedah mah…” Tembal pamajikan nana bari imut.

Maranehna arindit ka imah anu karek dibeuli ku Jang Domo. Saeunggeus nepi, Jang Domo acan ngijinan pamajikannana muka tutup mata na. Tuluy weh pamajikan nana dibawa asup ka imah. Kulantaran pamajikan nana hayang hitut, saeunggeus diuk, pamajikan na ngomong: “Kang, punten pisan, abdi hoyong susu, tiasa kitu?

Oh.. kalem neng, gampil… ké sakedap!” Ceuk Jang Domo.

Ngarasa Jang Domo euweuh didinya, tuluy pamajikan na hitut… "duuuut.." sorana meni tarik jeung bau nakeranan, teuing tina liang hareup..teuing tina liang tukang……

Teu kungsi lila Jang Domo ngurunyung bari mawa susu. Tapi teuing kunaon, pamajikan na hayang deui hitut. Atuh pok deui weh : “Kang, geuning teu haneut, tiasa pami anu haneut, punten pisan, abdi nuju katirisan!”

Oh.. siap!” Ceuk Jang Domo, bari tuluy indit deui ka dapur. "Tuuuut.. tuuuut..Pérépééééét…" pamajikan Jang Domo hitut deui.

Teu kungsi lila, Jang Domo geus ngurunyung deui. Ngan hanjakal pamajikan na hayang deui hitut.

Kang, asa kirang gula geuning… puten pisan, tiasa pami digulaan deui?” Ceuk pamajikanna.

Oh.. kalem – kalem” Ceuk Jang Domo bari indit deui mamawa susu. Atuh "tuuuut.. tuuuut.. .. Pérépééééét…Brot…prêt….ngik…" pamajikan Jang Domo hitut deui, malah siga anu bébéakan, da tungtungna make aya ngik sagala, siga-siga anu kaluar jeung bukurna saeutik. ..Tangtu bauna mah geus moal kacatur, matak pingsan budak, malah mun kaambeu ku orok anu bengék mah sigana moal katulungan…

Alhamdulilah” Ceuk pamajikan na dina jero hate. Geus karasa rada ngemplong meureun ayeuna mah.

Jang Domo ngurunyung deui, tuluy weh mikeun susu ka pamajikan na, saeunggeus di inum, Jang Domo muka tutup mata pamajikan na. Atuh meni reuwas kacida pamajikan Jang Domo, sabab sihoréng didinya téh geus loba jelema, malah nu diuk gigireuna mah mitoha lalaki pisan.

Eh.. geuning tos aya Bapa, tos lami Pa?” Ceuk pamajikan jang domo bari rada beureum beungeut na.

Ti hitut anu munggaran!” Tembal Bapa na Jang Domo, Baeud!

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...