Thursday 16 December 2010

KADUHUNG TEU MANGGIH TUNGTUNG!

Dongeng Abah Kabayan

Wanci sholat:

=================

Bapak:"jang geura sholat heula siah, peupeuriheunmah bapak heunteu atuh...jug ilaing geura sholat:"
budak:"sumuhun Bapak!"

Wanci puasa:
================

Bapak:"jang puasa siah, peupeuriheunmah bapak heunteu atuh...ilaing-ilaing puasa deuleun!"
budak::"sumuhun Bapak!"

Wanci ditakonan di aherat:
===========================

Bapak:""Jang, naha bapa mah asup naraka ari ilaing asup sawarga??"
Budak: Peuepeuriheun mah bapak asup naraka, ujang atuh nu asup sawarga......" bari indit ngaleos asup sawarga.

hehehehe..."

7 comments:

  1. hahahaha... puguh oge, tong ukur loba marentah wungkul, tapi kudu jeung prakna mere conto...!!
    Tungtungna... jadi kaduhung sagede gunung,,,
    Nuhun abah... !! sok sanajan bahasana campur jeung heureuy, tapi eusina estu mundel pisan...!! hehehe

    ReplyDelete
  2. justru simkuring mah resep Ki..pami mamatahan tapi bari heureuy..jadi teu nyeletit teuing kana mahan....

    sok atuh abah aya deui teu peupeujeuhna??

    ReplyDelete
  3. hehehe...eukeur mah resep pisan kana carita dongeng sunda teh katambah loba pulungeunana...nuhun pisan bah..!!

    ReplyDelete
  4. Sawangsulna Kang.....pantau terus guaran carita ti Abah jeung ti Aki

    ReplyDelete
  5. hehe yeuh abdi geh boga; minyak aing minyak wiski, diteundeun di tangkal jarak.. pantas aing euweuh nu beuki, sihoreng siga bayawak wakakka

    ReplyDelete
  6. Ehhhh guyon na eta tah anu mtak ka irut na teh .. Hayu urang ngawangun basa ahh

    ReplyDelete
  7. Ehhhh guyon na eta tah anu mtak ka irut na teh .. Hayu urang ngawangun basa ahh

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...