Tuesday 14 December 2010

Jangjawokan Urang Sunda

 ku: Abah Kabayan

jangjawokan jaman baheula nu ku abah masih keneh ingeut

mun euweuh wae angin : "bah deong-bah deong pagmukakeun lawang angin..."

Mun anginna geude teuing supaya langlayangan teu kampakan : "pasbul-pasbul tali kapas tali ngembul...."

mun raheut: "jampe-jampe harupat geura gede geura lumpat"
mun kapeureupeunan: "gisik-gisik tai beurit...tuh tingali gajah diluhur!!"

ngala cacing meh teu peugat/potong : "Cut endang..Ncut endang...

mun rek nyeupah/nyeureuh:
"Seureuh seuri
Pinang nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay
Cucunduking aing taruk harendong
Cucunduking aing taruk paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup"

mun hese hitut:
"Cakakak di leuweung
Injuk talina
Dihakan dibeuweung
Hitut jadina
Plong blos plong blong………"

nu lainna pek teangan deui..asa loba keneh ngan catetanna keur diteangan heula....

5 comments:

  1. Bah... eta teh upami teu lepat mah, jangjawokan kangge anu kamerekaan nya..?? sabak aki oge baheula kungsi ku pun nni, ari kamerekaan teh sok di dibacakeun jangjawokan eta...!! heheh...
    Sae lah abah... sok serat deui anu sanesna..!!

    ReplyDelete
  2. tapi ayeunamah eta jangjawokan teh geus ilang kateuleuman jaman..... padahal jangjawokan teh alus jang mepende barudak..meh teu arogo

    ReplyDelete
  3. kembang aing kembang harendong..
    harendong si kayu condong..
    kayu condong kuda bancana..
    bancana saha arana (...)

    mangga kantun eusian nami nu dituju disarengan ku nenjrag bumi 3x supados hasil! hehehe...

    ReplyDelete
  4. sae pisan bah.. kangge ku abi murangkalih jaman ayeuna

    ReplyDelete
  5. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.


    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...