Monday 13 December 2010

Hayang Motol

Aki mah lamun inget kana lalakon eta, sok hayang seuri sorangan, ari ras ku kalakuan aki... !! hehehe.
Baheula, basa aki leutik keneh pisan, da ngomong oge cadel keneh can bentes. Harita teh masih keneh inget, ceurik ka pun biang, 
ceuk aki teh : " mi.. ujang hayang motol..!! ",
ku pun biang teh dijawab : " sujang..!! engke geus gede hayang motor mah..!! ", samarukna meureun aki teh hayang motor.

Aki tuluy ngarenghik ka pun biang, nya kitu we hayang motol, jawaban pun biang kitu deui sarua nyebutkeun engke geus gede. ku sabab teu diwaro wae, aki teu ngomong deui, ngan pun biang ungsa angseu bari ngomong, "bau naon ieu teh...!!" aki ngomomg : " mi,da bonganna ujang hayang motol teu digugu, jadi weh motolna dina calana."

Pun biang ambek bari seuri : " Sujang lain motol atuh eta mah tapi.... Modooooooooooooooooooooooooll.....!!" bari ngajorowok.... "cecwwwwwwwwwwwwoooooooooooooooooookkkkkk kaditu siah.....!!!!!!!!!.."

aki lumpat da sieun diteunggeul ku gagang sapu... ( ah.. pangalaman  baheula mah matak pikaseurieun ..!! )

1 comment:

  1. hehehe... dasar kisunda mah, ku seueur pangalamannana, bari deuih asa teu bosen ngaosna oge...

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...