Monday 13 December 2010

Dongeng enteng Pasosore - Di Paseuk

Ku: Ki Sunda Sawawa

Baheula mah, mun barudak hayang kukudaan teh, teu jiga barudak ayeuna, sabab jaman kiwari mah geus loba kukudaan tina hoe atawa palastik.

Tah kacaritakeun jaman baheula aya budak anu ngarenghik ka indungna hayang kukudaan...eta budak ngomong ka indungna, ceuk budak : " ema uing hayang kukudaan ".. ceuk indungna : " ah.. sujang jeung carape kieu, na ari maneh teu ningali ema nyeri cangkeng urut ngabedug tadi beurang..?? ". Ngan kusabab budakna tuluy ngarenghik, indungna teh eleh deet, tuluy we nyarita ka anakna: " sok atuh sujang.. naek tah kana tonggong ema..!! ".., budakna atoheun pisan, jol terekel weh naek kana tonggong indungna. Ma'lum budak can bisa nyepeng pageuh,katambah deui baju indungna rada leueur, naek na teh teu kaur, da sorolok deui..sorolok deui. kitu jeung kitu we, nepi ka budaknaboseneun, tuluy ngomong ka indungna : " ema .. naha uing mah bosen, da teu daek cicing, tuluy we sosorodotan..!!" Indungna atoheun pisan, keur mah cape, bari ngomong ka anakna teh : " ceuk ema oge kumaha sujang, engke we ari maneh geus bisa muntang urang kukudaan deui..." Eta budak mikir kudu kumaha carana sangkan teu nyorosod.


Kaparengkeun eta budak teh manggihan indungna jeung bapana keur kukudaan, eta budak kaget satakerkebek, bari ngomong sorangan, Ceuk budak : " naha nya si bapa mah kukudaanana teu sosorodotan..? ", bari tuluy ngintip, barang katingali, anakna gogodeg bari ngomong : " paingan atuh si bapa kukudaannana tara nyorosod, da bujur si emana di paseuk ku si bapa...?????"

Eta indung bapana barang ningali ditukangeun aya anakna, mani tibuburanjat bari menerkeun samping, tuluy ngomong ka anakna : " Calutak siah kalakuan teh, bari peupeureudeuyan semu nu era..!!"  haaaaaaaahahahahahaha..

2 comments:

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...