Wednesday 15 December 2010

Curug Bandung

Curug Ciismun
Hasil coretan kang Jaka Sunda

Mun pareng nyawang ka tukang
Neuteup bandung kota kembang
Estu matak gandrung liwung
Endah lir bentang sinangling

Cikapundung meulit asih
Marengan ngembatna jalan
Dipasieup tutuwuhan
Nambah endah pilemburan

Ayeuna tnggal waasna
Bandung teh geus salin rupa
Cikapundung tanpa daya
Ngarenghap bangun dareuda

Tapina tong leutik hate
Curug bandung ngempur mancur
Nyiraman tatar Pasundan
Marengan robahna jaman...

1 comment:

  1. emh... Bandung... geuningan kaendahan anjeun teh, geus druksak ku jelema-jelema anu kurang tanggung jawab..
    sok padahal anjeun teh katelah kota kembang, kota anu pinuh ka kaendahan, boa boa, ahir barangkali mah, anjeun teh ngan ukur kari legenda masyarakat jawa barat...

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...