Thursday 5 May 2011

Ngaguar harti ucapan sampurasun

 
Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun “Sampurasun“.. dijawab kunu didatangan teh ku kalimat “rampés“, bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina éta kalimat teh.

Kalimat “sampurasun“ téh lamun di hartikeun sajalantrahna nyaéta tina kecap “Assalamu’alakum, isun ( kaula/abdi/kuring ) ménta dihampura

Kusabab lamun ngucapkeun “ ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MENTA DIHAMPURA “ mah panjang teuing, nya disingket samodél dina budaya basa kamilitéran jadi “ SAMPURASUN “

Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus menta dihampura,
Hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih teh, terus menta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka eta baraya nu kakara panggih tea. Tuh pan kacida alusna ...!!

Hanca...

1 comment:

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...