Thursday 23 December 2010

Moro Manuk



Kacaritakeun Jang Entis rebun kénéh geus mapay pasir di pilemburan rék moro manuk ku bedil angin, ngan geus nyedek ka burit teu sahulu-hulu acan manuk anu benang...

Nya turun wéh jang Entis téh niat rék balik, ngan di jalan manéhna nyimpang heula ka warung ceu Badriah nu anakna kembang désa di lembur éta.

Tadina jang Entis téh rék meuli bala-bala matak nyimpang ka warung ceu Badriah gé...ngan kusabab ningali aya mojang nu luis tur geulis..nya, rada lila jang Entis cicing di warung éta.

Teu kungsi lila nyi mojang nanya ka jang Entis
Nyi Mojang: “Timana kang, éta raray meuni léét ku késang, katinggalna capé pisan?

Jang Entis: “Muhun Neng, Akang téh uih moro manuk, mung teu kéngéng..duka kamarana teu katinggal hiji-hiji acan!!

Nyi Mojang: “Ah..atuh kang!! Masalah moro manuk mah..Abdi ahlina...hayu kuabdi ditunjukeun carana!!”

Éta Nyi mojang meuni sumanget hayang ningalikeun kaahlianna moro manuk ka jang Entis da memang jang Entis ge boga pameunteu nu lumayan kasép...

Disatukangeun ti éta aya nini-nini anu ngadéngékeun obrolan antara Nyi Mojang jeung jang Entis... malah waktu nyi Mojang jeung jang Entis indit gé éta nini-nini téh nuturkeun bari keketeyepan da sieun kapanggih...

Pondok carita....Nyi Mojang jeung Jang Entis geus tepi di pasir bari dituturkeun ku nini-nini..

Barang geus teupi...Nyi Mojang langsung gok cangogo di sisi gawir bari rada di déngkakeun palangkakannana...terus wéh calana jerona rada disingsatkeun ka belah gigir saeutik...sakur angin ngaliwat kana palebah bobogaanna nyi mojang éta mah sorana jiga sora ngahuit meuni tarik...malah mun kadéngéna ti kajauhan mah teu beda jeung sora hatong..

Da bener éta mah...jol cing tararojol manuk nyarampeurkeun kana sora nu ngahuit....Jang Entis atoh pisan da puguh manuk nu geus eunteup dina bobogaan nyi Mojang téh ngadadak jadi ralinek...manéhnamah tinggal newakan wéh terus asupkeun kana kurung.... Geus tangtu moal bisa lamun bobogaan Jang Entis disarupakeun jeung bobogaan nyi Mojang..meureun lamun téa mah jang Entis nurutan naon nu dipilampah ku nyi Mojang sorana lain ngahuit tapi “plak...plak...plak” da puguh laér bobogaan jang Entis mah...

Si nini nu geus lila ngintip..manéhna gé jadi panasaran “Mun sora budak ngora wae geus huhuit..komo sora nu kuring meureun!!” ceuk na pikir si Nini

Sa enggeus Nyi Mojang jeung Jang Entis turun ti pasir ....da puguh wanci geus ninggang sarepna..nya bagian si Nini ayeuna nu milampah sakumaha nu dicontoan ku nyi Mojang..... ngan geuning sorana lain huhuit tapi kalakah ngagebér jiga sora maung.. Antukna nu datang téh lain manuk tapi kalakah maung jaluna nu nyangka di geroan ku pamajikanna..barang rét ka si Nini “Wah kabeneran aya hakaneun di lebok siah ku ngaing!!!!!!!!!

Matak sok aya paribasa : "Kari-kari nini-nini leungit sapeuting, isuk-isuk tai maung huisan"

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...